Sabtu, 06 Juni 2015

opera pan japa repost Juni 2011

Hiji mangsa di pesbuk grup permatagama, aya nu update status…. Tah kulantaran nu ngakomenna ngawayang, jadi we di share. Sok langsung we disimak…*tama kesel…

RY *update status*: duh teu karaos tos gaduh ade baru di ugm teh...selamat datang +salam kenal z ade2 maba di ugm+permatagama tercinta...

Aya nu ngakomen:
EHP:  Nepangkeun abdi Ibad ti culamega, wilujeng wanoh aa

RY :oh,,,nepangkeun oge nami aa mang ubad ti palih tongoh,

EHP :Oh ieu teh ubad carogena bi karsih sanes, kumaha bisnis engkol na lancar ?

RY: aduh nyai hapunteh mang ubad teh hilaf..muhun nyai, ah ayeuna mah usaha teh asa rada sareuseut,,,hese usaha kana jengkolmah,,,di kampungna nuju teu usum..janten mang ubad teh ngalih papancegan,janten kana android ayeuna mah,,,numutkeun perkembangan zaman tea nyai..he

EHP: oh muhun muhun, tangtos wae waragad jaman kiwari mah estuning kudu saluyu jeung kamajuan jaman, janten jalmi nyungseb sapertos akang teu tingaleun tingaleun teuing, lamu ceuk bahasa peuntas mah kudu Melek Teknologi cenah euy. Cik atuh kuring meuli android na, ari saleunyeur na sabarahaan ?

RY :puguh da nyai android teh awi..pake salenyeur sagala...

EHP: Ari akang teu neleu, sakitu gajelepeng heuras kieu disebut nyai, ujang kituh

RY :pan sia teh ngarana ibad,,heeuh mereun panon dewek teh geus rada rabun,,,seeur teuing ningal maria ozawa panginten ieu teh,,,

EHP: Muhun da ari nami ibad dikuring mah jalu kang.Euleuh bahaya tah kang, dilemur kuring ge aya pamuda urang babakan, harita keneh manehna maot saenggeus lalajo nukitu. kade ah

RY :wah nu leres jang? jigana mah ningal na dina rel kareta merenya..

EHP : lain, bari lalangiran di jalan tol

RY :nya komo eta mah...kehela mang teh asa rada asing kana istilah lalangiran teh,,cik atuh jang cobi terang keun naon eta lalangiran teh,,da asa ditulak-tilik dina KBBS na ge teu aya kecap eta teh..

EHP : Ih akang mah neuleuna dina KBBS nu can di revisi meureun, da dina buku sastra sunda karya Ochim Surochim mah aya, kieu yeuh cenah bahasa indonesia na mah : "Lalangiran adalah menagkubkan sekujur tubuh ke lantai, sehingga walikat yang melakukan aktifitas lalangiran condong keatas, diambil dari kata Langir, yaitu bahsa sund dari Kalajengking". kitu cenah kang

SK: Njrit lalebay kieu…..*bijil warga anyar ngakomen.

RY: ah asa lain kiiitu jang ceuk mamang mah,,menurut kamus tatang sutarman nu di revisi ku sule steven,,,kecap lalangiran teh sanes bahasa sunda asli,tapi anu asli nama kecap LALANGKARAKAN,,yang mengandung suatu arti dimana sikap tubuh seseorang ngajelepeng sehingga posisi dada kena pada temok+sirah hanap pasti kagencet pami nuju ugah.,,

EHP :Oh jiganah Tatang Sutarman jeung Ochim Surochim beda Mazhab, mantes asa jauh beda pangertiana ge. nya keun bae lah nu penting mah Lalangiran teh kitu we, menggeus tong diomong omong deui, bisi beureum ceulina eta si lalangiran

RY :heeuh mengingat ari orang sunda teh beunghar kabudayana,,,jadi wajar we panginten ari aya paketrok-paketrok mah,,,,nya contona dina kecap diluhur eta,,ujang ge tos terang pangintennya ari mamang mah linggihna di palih kota,janten rada ngota,,bahasa sunda na ge panginten tos rada ngota oge,,lain halna sareng ujang anu dalam tanda kutipna ti palih kampung, anu di ujung,,,bade k kota ge kedah ngapung,,,he

EHP: Eh pan eta didinya beda na urang nyungseb jeung urang kota, kuring mah geus teu butuh kandaraan, hayang ka kota ge tinggal make ajian halimun, jleb langsung nepi. teu jiga akang kudu megat heula mobil elep atawa gelebeg ranghek, lalila kaburu rajaban.

AR : sok kadinya ngaharuntu can nepika coplok mah....paadahal 22 na orang Astina tah.....*anyar deui ngakomen

EHP :Dupi astina teh palih manaeun ciborahel ?

MINA :heuleuhhh... ieuhh nyak.. teu rarobah.

RY :tpi tong salah lur,,,orng kota mah sanajan bisana numpak elef butut ge ari ngaran gaul+keamanan mah meunang urang kota,,,contona dina masalah keamanan mamang nyaksian ku panon mamang sorangan di TASYIK(ngaran lemur mamang tercinta) mah anu ...laliar dina buruan teh hayam,ucing,entog,tapi bet naha pas ka lemur didinya mamang mani rewas,,eta maung jg bagong keur cinekul w na buruan..trus dina petingna ge sok loba nu laleumpang dina suhunan imah cenah...bejanamah wiro sableng jeung jaka tingkir keur patroli cenah,,ngamankeun bisi aya nu maling listrik,,,haSee More

RY :ngaramekeun forum,,,

RY :mamang wasiat ka diri jeung ka jamaah sidang permatagama ieu,,,pepejeh pami badi ngoment atwa naon,,budayakeun make bahasa sunda,,,pami ku urang teu diango, bade kusaha dui tah basa sunda teh dipakena?

EHP :Tah eta percis, ku sabab ari urang tungtung dunia mah nyaah kana sasatoan teh, eta mah can sabaraha akang karak ge neuleu diburuan can asup ka jero imahna. cobaan geura asup ka jero imah, leuwih extreme deui, dijero imah mah ngukutna oge sabangsaning kalabang, leungsing, totoromok, hileud bengsrat, jeung orowodol.

EHP :oh eta, lain wirosableng jeung jaka tingkir, jiganah eta mah ninja hatori rek ngecrik ka lebak

RY :heeuh lah pokona mah sagala ripuh we...,ujang ari radio nu di boseh jg tivi nu digoel aya keneh??

EHP :Aya, namru tuh di goah, geus tara dipak pake acan, da kamari geus boga nu anyar, Radio berwarna jeung TV Matic

RY :wah nu bener mang kara ngadenge aya tv matic,,,da di kota TASYIK nu sakitu hade,sakitu modern, sakitu pangmetropolitana ge acan aya tv matic mah..keheula??? diemu2 hla ku mamang..

EHP :Nya ceuk aing ge naon, moal aya di batur mah, di lemur mah keur buming nu kitu teh. apal teu tv matic ?, tv nu otomatis geuning, nu teu kudu gunta ganti chanel, da nu katangkepna ge ngan hiji, indosiar hungkul.hahah

RY :Any*r mah...ari kitu mah leuwih canggih di mamang atuh lur...didnya mah can aya mereunnya nu ngarana LEFTOF teh...jigana ngadagoan 5000 taun tah,,

EHP :Heueuh dedengean mah alus cenah euy LEFTOF teh, ari jeung KOMFUTER atawa FISIDI canggihan mana ?

RY :beuh..leuwih canggih FISIDI, sabab ari FISIDI mah bisa pake nu aneh,,,ari LEFTOF mah jigana mah teu bisa,,,komo atuh lur FISIDI jepang+china mah,,ganeng sora na teh...

EHP :Oh kutan teh kitu nyah. Tapi ari teknologi otomotif nu pang canggihna mah angger MESIN TIFUNG

RY: Lain ari Mesin TIFUNG mah nyebutna ge kudu ngahiung,,TIFHUNG,,berarti mesin eta buatan cinanya??

EHP :Enya, tapi lamun make Kho mah berarti eta mesin buatan arab, jadi nyebutna kudu make Kho jeung lebah nyebut
mesin na kudu make Ikhfa, jadina MESING TIFKHUNG

RY :bener si ujang pinter oge kana bhs arabna..cik urang tatarucingan atuh...ari bahasa arabna kopeah naon jang?

EHP :Waddahusiroh pasti bener

*nya panginten parantos dicekapkeun sakitu bae,  Hapuntena we ka Kang RY sareng EHP nu tos dibajak komen"na. Salam Permatagama we pokonamah... :D

Tidak ada komentar:

Posting Komentar